Dinten saptu kamari simkuring narosan neng vita anu bageur tea. Ti rencana mung bade nyandak kulawarga inti sareng ua aan, janten rombongan keluarga besar, ti dawuan aya ua oyok, ua titi, bi iyam, mang enur, ua engkus, kang kodir sareng istrina. ti rombongan subang aya abah enda sareng ceu kokom, aya bi aas sareng mang dede, plus indra sareng cici. anu nyupiranna aya a dadang, sareng supir langganan mang nur.
bertindak salaku wakil nyaeta abah enda tea. teu seueur anu dilontarkeun teh, mung anu matak bagja nyaeta, bi lili ngiring oge ngintunan bekel kueh kanggo dikintun ka calon mitoha tea. teu disangki sangki ieu teh, malahan mah naroskeun alamat pados aya putrana anu ngiring ka lokasi, tapi mamah nolak, hawatos bilih ngarepotkeun.
acara dikawitan tabuh opat anu kawitna direncanakeun tabuh 2, ngaret kumargi macet total di cirendeu...amit amit lah pokona mah. tapi secara kaseluruhan acara berjalan lancar. hanteuran anu disanggakeun nyaeta:
Cau Raja 2 sisir, diwadahan
Roti sareng sirop beureum, diwadahan
Bubuahan, dipaketan
Opak ranginang, jsb, dikardusan
Kueh Kering Difa Cookies, atos paket anyaman
Kueh Tampah a'la Hotel, 4 wadah.
Di ahir acara, mamah nyematkeun cingcin anu abdi peser sareng neng geulis kanggo nikahan. ayeuna eta cingcin atos nempel di ramo neng geulis.
plus artos anu diamplopan.
mugi mugi rencana anu langkung ageung tiasa terlaksana.
Amiin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar