Terang naon anu disebat baleg? Baleg teh nya eta tiasa ngabentenkeun anu leres sareng anu lepat. Iraha salah sahiji barang atanapi kaayaan disebat lepat? Nyaeta upami hate leutik tos ngaraos lepat atanapi teu leres. hate leutik mah moal tiasa dibobodo.
Taun ieu abdi kenging cobian ti gusti perkawis hal ieu. dina hiji hal, abdi nuju peryogi dana kanggo anu sanes, dina hiji waktu oge aya peluang kanggo abdi nyandak keuntungan tina padamelan anu bade abdi damelan.
Ieu tangtu ujian. upami abdi tiasa lolos tina lobang ieu, insya allah abdi layak keneh sumujud kanu maha kawasa. tapi saumpamina abdi kagoda kanggo nyandak kauntungan ti dieu, wassalaam wae.
insya allah gusti, abdi moal nyandak kauntungan ti dieu, lindungi abdi. amiin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar