Kamis, 24 April 2008

Ceunah ....

Ceunah urang teh milangkala poe ieu nya? nya atuh hepi bileted betdey nya simkuring.... mugi janten superhero anu masihan kabagjaan ka sadaya jalmi, ceuk pun rai mah... hehe

Rabu, 23 April 2008

Ngabarakatak

Apal meureun nya pagelaran indonesian idol di rcti tea? ti sababaraha tahap, anu matak nyieun kuring ngabarakatak ngan sesi audisi. mangrupa jinis jelema kumpul di dinya. ti mimiti awewe rieut, supir treuk anu alus sorana, tukang ngamen ala "st 12", pulisi, anu bodor, anu aneh , aya lalaki ci*a anu pede pisan, cacalawakan teu puguh, bari kungfu asa pang-aing-na weh.... tapi anu pasti, emang lucu pisan....